Sabtu, 23 Februari 2013

Para Suami Siti Khodijah, Istri Rosululloh S.A.W.



As. Hapunten pisan ! ieu mah mung sakadar ngabejaan bulu tuur, da teu saeutik nu sok naroskeun cenah waktos nikah ka Kangjeng Rosul, Ibu Khodijah Binti Khuwailid Bin Asad Bin Abdul ‘Uzza Bin Qushoy teh parantos nikah sateuacanna !
Saha atuh caroge sateuacanna ?????
Tah ieu anu kapendak dina buku-buku siroh ( teu kirang 50 buku siroh anu kantos dibaca utamina Siroh Ibnu Ishaq sareng Siroh Ibnu Hisyam, mangrupa buku indung tina sadaya kitab Siroh ) .
Dupi carogena nyaeta ;
1. ‘Atiq bin ‘Abid bin Abdulloh bin Umar bin Makhzum, ngalungsurkeun :
     1. Abdulloh
     2. Putra istri                   nikah ka Shaifi bin Abi Rifa’ah
2. Abu Halah bin Malik ( Bani Usaid bin ‘Amr bin Tamim ), ngalungsurkeun :
    1. Hindun
    2. Zainab

Dupi caroge anu ka-3 nyaeta Kangjeng Rosululloh S.A.W. ngalungsurkeun 7 putra nyaeta :
 1. Al Qosim
 2. At Thoyib
 3. At Thohir
 4. Zainab                             nikah ka Abul ‘Ash b Robi’ As-Syamsy
 5. Ruqoyah                        nikah ka ‘Utsman b ‘Affan Al ‘Umawy
 6. Ummu Kultsum           nikah ka ‘Utsman b ‘Affan ( sadikantunna ku Ruqiyah )
 7. Fathimah                       nikah ka ‘Ali b Abi Tholib  Al Hasyimy


Aya anu hoyong uninga teu saha nami aslina ???

1.       Abdul Mutholib  ( Aki Kangjeng Rosul )
2.       Abu Tholib            ( Ua Kangjeng Rosul )
3.       Abu Lahab           ( Ua kangjeng Rosul  )
4.       Abu Jahal           
5.       Saidina Abu Bakar Sidiq

  Hapunten !, manawi manfaat, Ws.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar